{ Sifat kaonuhu a'liman }
genep belas kaonuhu a'liman * bukti Allah anu uninga
lain sifat anu misah * tina ilmu Allah ta a;la
muhal bukti anu bodo * tegesna henteu uninga
ari dalil anu nuduhkeun * kana sifat kaonuhu a'liman
eta dalil sifat ilmu
dalil aqlina nyaeta : wahuwa bikulli syaiin a'lim, hartosna : sareng ari Allah kana sadaya perkara eta anu uninga
{ Sifat kaonuhu hayyan }
Tujuh belas kaonuhu hayyan * bukti Allah anu hirup
lain sifat anu misah * tina hayat Allah ta a'la
tapi sifat anu nguwatan * kana hayat Allah ta a'la
nuhal bukti Allah maot * ari dalil anu nuduhkeun
kana kaonuhu hayyan * eta dalil sifat hayat
dalil aqlina nyaeta : annahu laukana mayyitan lam yakun qodiron wala muridan wala a'liman wahuwa muhalun Hartosna lamun allah maot, tangtu Allah henteu kawasa, henteu kersa henteu uninga sedengkeun eta mustahil
Dalil naqlina nyaeta : Allahu laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyum, Hartosna : henteu aya deui pangeran anu maujud anu wajib di ibadahan kajaba Allah anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna
{ Sifat kaonuhu sami'an }
Dalapan belas kaonuhu sami a'n * bukti Allah nu ngadangu
lain sifat anu nambahan * kana sama' Allah ta a'la
tapi sifat anu nguwatan * kana sama' Allah ta a'ala
muhal bukti Allah teu ngadangu * ari dalil anu nuduhkeun
kana kaonuhu sami a'n * eta dalil sifat sama'
dalil naqli dina qur an * wahuwassami u'l bashir
Sebelumnya - Lanjut ke Halaman 9
