Aqoidul Iman Bahasa sunda 1

 Mukoddimah

laailaaha illalloh la maujuuda illalloh    *    di dieu kieu ayeuna abdi tapak damel allah
laa ilaaha illalloh la ma'buda illalloh     *    na damel Alloh nu ieu abdi bakti ka dzat Allah
la ilaaha illalloh la mathluuba illalloh    *   di pigawe kalakuan pedah parentah dzat Allah
la ilaha illalloh laa maqsuda illalloh      *    di pigawe kalakuan malar ridhona dzat Allah

Bismillahirrohmanirrohim

{ Pengajaran A'qoidul iman kelas hiji }

ari aqoidul iman     *    eta aya 50 perkara
dua puluh anu wajib di Allah    *    dua puluh anu muhal di Allah
hiji nu wenang di Allah    *    jadi jumlah opat puluh hiji
opat nu wajib di Rosul    *     opat nu muhal di Rosul
hiji nu wenang di Rosul jadi jumlahna salapan
salapan rejeng opat puluh hiji  *  jadi jumlah sadayana lima puluh 

{ Sifat anu wajib di allah }

wujud kidam baqo mukholafatul lilhawaditsi  *  qiyamuhu binafsihi wahdaniyyat qudrot irodat
ilmu hayat sama bashor kalam qodiron muridan  *  a'liman hayyan sami'an bashiron mutakaliman
aya heubeul langgeng beda jeung sakabeh nu anyar  *  kawasa kersa uninga hirupna
ngadangu ningali sasauran bukti kawasa  *  bukti Allah kersa nu uninga nu hirupna
bukti nu ngadangu nu ningali nu ngadauh  *  jadi sadayana anu wajib dua puluh

{ Sifat anu muhal di allah }

adam hudus fana mumatsalah lil hawaditsi  *  ihtiyaz taa'dud aa'zuz karohah
jahal maot somam a'ma abkam a'zizan karihan  *  jaahilan maitan asomma a'ma abkama

{ Sifat anu wenang di allah Ta'ala }

wenang di Allahna sifat manusa biasa  *  tina anu wajib midamel barang nu mumkina

{ Sifat anu wajib jeung muhal di para Rosul }

sidiq amanah tabligh fathonah  *  kidib hiyanat kitman biladah
bener kapercaya ngadugikeun rejeng pinter  *  bohong cidra nyumputkeun bodo

{ Sifat anu wenang di Rosul }

wenang di Rosulna sifat manusa biasa  *  kaya tuang leueut angkat kulem sajabana
Muhammadun basyarun walaisa kal basyari  *  wayakutun hajarun wa ma siwal hajari
Muhammad teh manusa lain manusa biaya  *  kaya inten yakut manusa batu biasa

Posting Komentar

0 Komentar
Posting Komentar (0)