SIFAT ANU WAJIB DI ALLAH SARENG DALILNA
Hiji wujud aya Allah * muhal Allah ta'ala teu aya
ari dalil anu nuduhkeun * kana wujud Allah ta'ala
aya dadameulan nana * nyaeta ieu sakabeh alam
dalil aqlina nyaeta wujudu hadihil makhlukoti hartosna ayana iru pirang-pirang makhluk
dalil naqlina nyaeta : qul marrobbussamawati wal ardi kulillah hartosna bejakeun ku anjeun muhammad saha anu ngurus pirang-pirang langit jeung bumi bejakeun ku anjeun muhammad nyaeta Allah
{Sifat Qidam}
dua qidam teu aya mimitina * ayana allah muhal aya mimitina
ari dalil anu nuduhkeun * kana qidam allah ta'ala
lamun allah ta'ala anyar * tangtu butuh kanu nganyarkeun
henteu aya nu nganyarkeun nana * atuh mustahil allah anyar
dalil aqlina nyaeta
annahu laukana haditsan lahtaja ila muhdisin wahuwa muhalun
hartosna lamun allah ta'ala anyar tangtu butuh kanu nganyarkeun sedengkeun eta mustahil
dalil naqlina nyaeta
huwal awwalu wal akhiru wadzohiru wal bathinu
hartosna ari allah eta anu awal teu aya kawitna anu akhir henteu aya tungtungna
{Sifat Baqo}
tilu baqo langgeng allah * ayana Allah muhal aya tungtungna
ari dalil anu nuduhkeun * kana baqo allah ta'ala
lamun allah ta'ala ruksak * tegesna allah aya tungtungna
tangtu allah ta'ala anyar * sedeng lamunallah anyar
kapan eta teh mustahil * maka wajib allah baqo
dalil aqlina nyaeta
annahu laukana paniyan lakana hadisan wahuwa muhalun hartosna lamun allah ta'ala ruksak tangtu allah anyar sedeng eta mustahil
dalil naqlina nyaeta
wayabqo wajhu robbika dzul jalali wal ikrom
hartosna sareng tetep moal aya tungtungna dzat pangeran anjeun anu kagungan kaagungan kagungan kamulyaan
Sebelumnya - Lanjut ke Halaman 3
