A'qoidul iman bahasa sunda 3

 { Sifat Mukholafatul lil hawadits }

Opat Mukholapatul lilhawadits  *  beda Allah jeung sakabeh anu anyar

muhal Allah sarupa jeung nu anyar  *  ari dalil anu nuduhkeun

kana mukholafatul lilhawadits  *  lamun Allah sarupa jeung nu anyar

tangtu Allah ta'ala anyar  *  sedeng lamun Allah anyar

kapan eta teh mustahil  *  sabab teu ngertieun akal

dalil aqlina nyaeta

annahu laukana mumatsilan lil hawaditsi lakana haditsan wahuwa muhalun hartosna lamun Allah sarupa jeung nu anyar tangtu Allah anyar sedeng eta mustahil 

Dalil naqlina nyaeta

laisa kamitslihi saiun, hartosna henteu aya hiji perkara oge anu sami sareng Allah 

{ sifat qiyamuhu binafsihi 

lima qiyamuhu binafsihi  *  jumeneng Allah kalayan dzatna

henteu butuh kana tempat  *   jeung teu butuh kanu ngayakeun

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana qiyamuhu binafsihi

lamun Allah butuh kana tempat  *  tangtu Allah ta'la sifat

sedeng eta teh mustahil  *  jeung mun Allah butuh kanu ngayakeun

tangtu Allah ta'ala anyar  *  kapan eta teh mustahil

dalil aqlina nyaeta :anu maujud anu 

annahu lawihtaja ilal mahali lakana sifatan wakaunuhu sifatan wahuwa muhalun

annahu lawwih taja ila mukhossisin lakana haditsan wakaunuhu haditsan wahuwa muhalun hartosna lamun allah butuh kana tempat pasti bukti Allah teh sifat sedeng lamun allah sifat eta mustahil 

dalil naqlina nyaeta

Allahu laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyum hartina henteu aya deui pangeran anu maujud anu wajib di ibadahan kajaba Allah anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna

tiyasa deui innalloha laghoniyyun a'nil a'lamin hartosna syaktosna allah eta anu maha sugih teu butuh tina sadaya a'lam.

Sebelumnya - Lanjut ke Halaman 4



Posting Komentar

0 Komentar
Posting Komentar (0)