{ Sifat Sama' }
sabelas sama' ngadangu Allah * sanes kukuping hanes ku parabot
tapi ku sifat sama'na Allah * henteu aya anu ngahalangan
sareng henteu liren-liren * sakur barang nu maujud
sadayana kadangu ku Allah * lain ukur sora hungkul
mustahil Allah henteu ngadangu * ari dalil anu nuduhkeun
kana sama' Allah ta a'la * dalil naqli dina qur an
wahuwassami'ul basyir
hartosna ari Allah eta anu ngadangu tur anu ningali
{ Sifat Bashor }
duwa belas bashor ningali Allah * sanes ku soca hanes ku parabot
tapi ku sifat bashorna Allah * ningali Allah kanu maujud
hanes kana rupa hungkul * henteu aya anu ngahalangan
kana bashor Allah ta a'la * teu aya poek teu aya u mindingan
ari dalil anu nuduhkeun * eta dauhan Allah ta a'la
wahuwassami u'l bashir
hartosna ari Allah eta nu ngadangu tur anu ningali
{ Sifat Kalam }
tilu belas kalam ngadawuh Allah * sanes ku sora sanes ku aksara
tapi ngadawuh ku sifat kalamna * muhal Allah teu ngadawuh
muhal Allah ta a'la pireu * ari dalil anu nuduhkeun
kana kalam Allah ta a'la * dalil naqli dina qur an
dawuhan Allah ta a'la * wakallamallohu musa taklima
hartosna sareng parantos ngadawuh Allah ka nabi musa kalawan ngadawuh anu saestuna
