Aqoidul iman bahasa sunda 5

 { Sifat Irodat }

dalapan irodah kersa Allah  *  kana nangtukeun sakabeh a'lam

kana ayana atawa teu ayana  *  waktu tempat ngadamel mumkin

muhal Allah teu ngersakeun  *  ngadamel mumkin teu di kersakeun

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana irodah Allah ta a'la

lamun Allah henteu ngersakeun  *  henteu ngadameul sadaya mumkin

tangtu Allah ta a'la apes  *  sabab kena ku pamaksa

lamun Allah ta a'la apes  kapan eta teh mustahil

dalil aqlina nyaeta : annahu laukana kaarihan lakana a'jizan wahuwa muhalun hartosna lamun Allah kapaksa tangtu Allah apes sedeng lamun Allah apes eta teh mustahil 

dalil naqlina nyaeta : fa'alullimayyurid

hartosna ari Allah kana sakabeh pagawean eta anu ngersakeun

{ Sifat ilmu }

salapan ilmu uninga allah  *  kana nu wajib ayana

kana anu wenang ayana  *  sareng anu mustahil ayana

ka uninga ti qodim mula  *  muhal Allah ta a'la teu uninga

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana ilmu allah ta a'la

lamun Allah ta a'la teu uninga  *  tangtu moal boga karep

lamun Allah teu boga karep  *  moal aya sakabeh alam

dalil aqlina nyaeta : wahuwa bikulli syai in qodir, hartosna sareng ari Allah kana sadaya perkara eta anu uninga

{ Sifat Hayat }

sapuluh hayat hirup Allah  *  lain ku nyawa lain ku getih

tapi hirup kusifat hayatna  *  muhal Allah ta ala maot

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana hayat Allah ta a'la

lamun Allah ta a'la maot  *  muhal kasifatan nana

ku sifat qudrot jeung liyana  *  sedeng eta teh mustahil

sabab aya tapak qudrotna  *  nyatana ieu sakabeh alam

dalil a'qlina nyaeta :

annahu laukana mayyitan lam yakun qodiron wala muridan wala a'liman wahuwa muhalun hartosna : lamun Allah maot tangtu allah henteu kawasa, henteu kersa, henteu uninga sedengkeun eta mustahil 

dalil naqlina nyaeta :

Allahu laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyum 

hartosna henteu aya deui pangeran anu maujud anu wajib di ibadahan kajaba Allah anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna



Sebelumnya - Lanjut ke Halaman 6


Posting Komentar

0 Komentar
Posting Komentar (0)