Aqoidul iman Bahasa sunda 4

 { Sifat Wahdaniyyat }

genep sifat wahdaniyyat  *  sahiji Allah dina dzatna

hiji sifatna hiji damelna  *  Ari harti wahdaniyyat

dina dzatna allah ta a'la  muhal allah ta a'la bingbilangan

Anu menang ngarangkepkeun  *tina juz nu bingbilangan

hiji Allah dina sifatna  *  henteu aya liyan allah

anu ngabogaan sifat  *  seperti sifatna Allah

jeung teu aya sifat Allah  *  rangkep-rangkep tina hiji warna

atawana leuwih loba  *  seperti kakawasaan dua

hiji allah dina dameulna  *  henteu aya nu boga tapak

salian ti Allah ta a'la  *  anging tapak damel Allah

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana wahdaniyyat allah

lamun Allah bingbilangan  *  timbul apes ka pangeran

lamun Allah ta a'la apes  *  moal bukti sakabeh alam

dalil aqlina nyaeta : 

annahu laukana muta a'ddidan lam yujad syaiun min hadzihil makhlukoti, hartosna lamun Allah bingbilangan, moal aya ieu pirang-pirang makhluk

dalil naqlina nyaeta :

qul huwallohu ahad hartosna bejakeun ku anjeun Muhammad ari Allah eta nu sahiji

{ Sifat qudrot }

tujuh qudrot kawasa Allah  *  kana ngadameul sadaya nu mumkin

muhal Allah ta a'la apes  *  kana ngadameul sadaya nu mumkin

kana ayana atawa teu ayana  *  waktu tmpat sifat mumkin

ari dalil anu nuduhkeun  *  kana qudrot allah ta a'la

lamun allah ta a'la apes  *  kana ngadamel sadaya nu mumkin

muhal aya ieu a'lam

dalil aqlina nyaeta : annahu laukana a'jizan lam yujad syai unmin hadzihil makhlukoti hartosna lamun Allah ta a'la apes, tangtu moal aya sakabeh makhluk

dalil naqlina nyaeta : innalloha a'la kulli syai in qodir

hartosna sayaktosna Allah kana sadaya perkara eta anu kawasa


Sebelumnya - Lanjut ke Halaman 5




Posting Komentar

0 Komentar
Posting Komentar (0)